Sondah

Sondah nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.

Cara Maenkeun :

Dipaenkeun ku sababaraha urang 2-10 urang ge kaci. biasana dina taneuh diguratan heula, rek ku kapur atawa ku naon wae asal aya tapak guratna. Tempat sondahna naha rek gambar imah, atawa jelema, lamun gambar jelema, minangkana sukuna teh aya sababaraha petak wangunna pasagi, 3 atawa 5 kotak. Tuluy anderok atawa calana mun anderok samodel trapesium dibagi dua, mun calanasamodel pasagi panjang sarua dibagi dua, minangka awakna paragi engkle deui, wangunna pasagi. tuluy sirah mangrupa buleud minangka istirahat.
Aya nu disebut "kojo" biasana tina potongan kenteng. Milih kojo kudu nu hampang tapi tambleg, kentengna ulah nu kandel teuing. Jadi mun dialungkeun kana kotak-kotak paragi sondah tea, teu kaluar tina garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut. Cara maenna, ngalungkeun heula "kojo", mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. budak engkle-engklean (kaci ku suku kenca atawa suku katuhu) dina suku gambar. Dina lebah anderok/calana kaci istirahat. tuluy na bagean awak gambar engkle deui, nepi ka sirah gambar istirahat. tuluy balik deui engkle ti sirah ka awak, tuluy ka anderok/calana gambar, tuluy engkle deui, pas lebah aya kojo tea nu tadi dialungkeun, dibawa heula kojona, tuluy engkle deui. mun geus beres, kojona dialungkeun deui kana kotak nu kadua, tuluy we kitu
puncakna si kojo dialungkeun kana sirah gambar. Mun kojo keur dina sirah, sirah gambar teu meunang dijejek, sabab aya kojoan. Mun kojo geus dina sirah, tuluy balik deui kana awak, jeung tuluy deui ka handap. Nepi ka suku gambar nu panghandapna.

Sumber : Wikipedia

Komentar