Naskahna
Naskah anu asalna ti Kabuyutan Ciburuy, Garut Kidul. Kiwari diteundeun di Perpustakaan Nasional RI kalawan nomor koleksi L 632 Peti 16 atawa koropak 632. Naskahna ditulis dina daun gebang atawa nu ku para ahli sok disebut nipah ngagunakeun mangsi hideung. Aksara nu digunakeun pikeun nuliskeun ieu naskah nyaéta aksara Sunda kuna, sedeng basana nyaéta basa Sunda kuna. Kandelna naskah aya 7 lambaran daun nipah atawa 13 kaca, unggal kaca ngandung 4 jajar tulisan. Ditulis dina wangun prosa. [1].Panalungtikan
Panalungtikan kana naskahna dimimitian ku Holle, Pleyte, jeung R.Ng. Poerbatjaraka, nyaéta ku cara ngalih-aksarakeun tur narjamahkeun dina basa Walanda. Naon nu dipilampah ku para sarjana éta téh teu ngawengku sakabéh naskah. Hasil panalungtikan C.M. Pleyte dijudulan “Een Pseudo Padjadjaransche Kroniek” (Kronik Palsu Pajajaran) [2].Atja jeung Saléh Danasasmita nuluykeun hanca panalungtikan ku cara ngalih-aksarakeun tur narjamahkeun naskah sakabéhna kana basa Indonésia dina taun 1987.[3] Nya Atja jeung Saléh Danasasmita anu ngajudulan ieu naskah Amanat Galunggung téh, sok sanajan éta kecap teu disebut dina naskahna mah.
Eusi Naskah
Eusi naskahna mangrupa papagon hirup pikeun para pamingpin dina wangun pépéling, nyaéta pépélingna Rakéan Darmasiksa, anu dianggap idéntik jeung raja Sunda nu nyekel kakawasaan taun 1175-1197, ka para putrana katut rundayanana.[3]Sababaraha piwuruk anu nyangkaruk dina ieu naskah téh, diantarana:
- Ulah pacogrégan, ulah paheuras-heuras, sakuduna rukun gawé sauyunan boh dina laku lampah boh dina udagan hirup;
- Ulah marebutkeun perkara jeung jelema anu geus bener, jujur, jeung hadé haté.
- Ulah maéhan nu teu boga dosa, ngarebut hak nu teu boga dosa, nganyenyeri nu teu tuah teu dosa, ulah silih curiga.
- Ulah marebutkeun kalungguhan atawa kakawasaan, jsté.
Komentar
Posting Komentar