Di ieu kabuyutan aya imah adat Ciburuy.Suhunanana tina injuk sarta diwangun dina lahan 5.320 méter.Wangunan imahna béda jeung imah-imah lianna, saliwat mah ieu imah adat téh siga imah gadang di Minangkabau, Sumatera Barat. Imah di kabuyutan ieu ngawengku dua bagéan, nu kahiji disebut Bumi Patemon atawa balé panglawungan.Salian dipaké minangka tempat lawungan, ieu balé digunakeun ogé minangka tempat neundeun barang-barang pusaka. Nu kadua disebut Bumi Padaleman. Ieu bangunan sipatna karamat. Minangka tempat neundeun rupa-rupa kitab buhun nu ditulis dina daun lontar jeung daun nipah. Jumlahna teu kurang ti 750 lambar. Tina 750 lambar éta, 438 lambar geus ruksak tur teu kabaca.
Numutkeun para ahli, Kabuyutan Ciburuy mimitina mah mangrupa mandala atawa puseur kaagamaan sarta puseur kagiatan intelektual nu ditangtayungan ku raja.Hal iéu dibuktikeun ku ayana naskah-naskah penting Sunda buhun nu aya di ieu tempat. Di antarana waé saperti Naskah Amanat Galunggung jeung Sewaka Darma.
Kiwari, kabuyutan Ciburuy mangrupa tempat nu loba didatangan ku nu jararah. Nu daratang ka ieu tempat biasana jarah ka Bumi Patemon. Tapi, barang-barang pusaka teu bisa sagawayah ditingalikeun iwal ti dina upacara séba nu dilaksanakeun unggal bulan Muharam. Kitu ogé jeung Bumi Padaleman, nu jarah bisa datang ka ieu tempat nalika upacara séba wungkul.
Upacara séba nya éta upacara sukuran ka jalma-jalma nu miboga kalungguhan sarta élmu pangaweruh nu luhung unggal poé Rebo jeung Minggu katilu bulan Muharam. Éta sukuran dihususkeun ka Prabu Siliwangi jeung Prabu Kéansantang salaku pamingpin bihari nu miboga kasaktén, élmu pangaweruh sarta kadigjayaan nu kacida luhungna. Nalika upacara séba dilaksanakeun, sakabéh masarakat Ciburuy wajib hadir, kitu ogé jeung masarakat nu keur ngumbara. Salian ti éta, masarakat sacara rutin ngayakeun acara ngumbah keris dina tanggal 1 Muharam.Di ieu daérah aya pantrangan nya éta unggal poé Jumaah jeung Saptu teu meunang asup ka Kabuyutan Ciburuy. Masarakat adat di kampung Ciburuy kacida disiplinna dina ngajaga ieu aturan. Sikep masarakat Ciburuy ieu disebut tukuh Ciburuy.
Komentar
Posting Komentar