Istilah kabuyutan dina budaya Sunda sahanteuna geus aya ti munggaran abad ka-11 M. Prasasti Cibadak nu dijieun kira taun 1006-1016 M, ngunggelkeun yén Prabu Sri Jayabupati (salaku Raja Sunda) geus netepkeun sawaréh ti wewengkon walungan Sanghyang Tapak (waktu harita) salaku kabuyutan, nyaéta tempat nu mibanda pantangan nu kudu diturut ku sakabéh rahayatna. Unina kieu,
Dina naskah Bujangga Manik, istilah kabuyutan téh nujul ka tempat-tempat ritual kaagamaan.
- "Salamet, dina taun Saka 952 bulan Kartika tanggal 12 bagian terang poé Hariyang-Kliwon-Ahad wuku Tambir. Ieu nalika raja Sunda Maharaja Sri Jayabhupati Jayamanahen Wisnumurti Samarawijaya Sakalabuanamandaleswaranindita Harogowardana Wikramotunggadewa nyieun tanda di wétaneun sanghyang tapak, dijieun ku Sri Jayabhupati Raja Sunda jeung ulah aya nu ngarumpak katangtuan di walungan ieu. Ulah aya nu néwak lauk di walungan belah dieu ti wates wewengkon kabuyutan sanghyang tapak béh hulu…………"
Dina naskah Bujangga Manik, istilah kabuyutan téh nujul ka tempat-tempat ritual kaagamaan.
- Rabut Palah
- kabuyutan Majapahit
- nu disembah ku na Jawa
Komentar
Posting Komentar