Ngahirupkeun Deui Kaulinan Barudak

Sendratari sebagai salah satu upaya pelestarian mainan anakDUNYA barudak raket pisan jeung kaulinan. Teu sirikna ti barang borojol kénéh, budak téh geus diwa¬nohkeun jeung rupaning co¬cooan. Ngan orokaya, réa kolot méré coco¬oanana téh bari jeung teu nyaho kana pungsi jeung mangpaatna.
Dapon budak resep, atawa ngudag kana prahna baé ilaharna mah. Rék pangaji sabaraha-sabaraha waé ogé ditebak. Nyaah ka budak alesanana mah. Usum tamiya, dipangmeulikeun tamiya, usum pépéstolan dipang¬meu¬li¬keun pépéstolan, usum roro¬bot¬an dipangmeulikeun rorobotan. Ge¬dé sa¬eutik dalit jeung PS (play station).
Teu di kampung teu di kota kituna téh. Réréana cocooan nu dibikeun ka budakna téh jieunan pabrik. Rék tina palastik, rék tina beusi. Ngan nu pu¬guh, teu saeutik cocooan nu kawas kitu téh mawa watek goréng kana tumuwuhna budak, pangpangna  patali jeung pungsina dina ngahudang daya motorik jeung kasaimbangan uteuk¬na.
Kaulinan Barudak
Kiwari mah geus langka aya budak nu ulin kolécér, panggal, bebedilan ti¬na awi, gogolékan, empét-empétan, kerkeran, sanari, toléot, atawa ja¬jang¬kungan. Padahal méméh wawuh jeung kaulinan nu dijual di toko, budak téh asalna mah dalitna jeung kaulinan modél kitu.
Di Kampung Bolang, Désa Cibuluh, Kacamatan Tanjung Siang, Kabupatén Subang, aya komunitas nu ngame¬karkeun kaulinan budak. Ngaranna Komunitas Hong. Diadegkeun ku Mohamad Zaini Alif (31), Juli 2003.
Minangka Pusat Kajian Mainan Rakyat Sunda, ieu komunitas téh leuwih cocog mun disebut komunitas tempat ulin barudak. Budak dibéré kalaluasaan keur ulin, diajar nyieun cocooan, jrrd. Di Ban¬dung, kantorna di Jl. Bukit Pakar Utara 35.
Hong téh kecap nu ilahar dikedal¬keun ku barudak nu keur ucing-ucing¬an. Dina jero waktu 12 taun Za¬ini nalungtik rupa¬ning kaulinan bu¬dak. Ti mimiti cocooan tepi ka¬ulinan nu teu ngagunakeun alat.
“Aya 120 kaulinan budak di Sunda nu tos kapendak téh. Jumlah sakitu téh nembé ti wewengkon Sunda pakidulan,” cék Zaini.
Kaulinan rayat disebutna téh. Pa¬nga¬ruhna kana kamekaran budak gedé pisan, lian ti keur hiburan, bisa keur ngasah rasa jeung kasaimbangan uteuk budak deuih. Éta kaulinan téh teu ngabutuhkeun waragad nu gedé. Budak bisa nyieun éta kaulinan ku sorangan, bahanna geus nyampak kari ngamangpaatkeun nu aya di sabu¬dereunana.
Cék Zaini, sawatara kaulinan gedé mangpaatna keur ngalatih kasaim¬bang¬an. Cara jajangkungan atawa kelom batok, upamana. Hatong, ce¬lem¬pung jeung kekeprak, lian ti bisa keur hiburan, alus deuih keur ngalatih rasa. Nu teu maké alat cara sursér atawa paciwit-ciwit lutung, hadé keur nyaimbangkeun uteuk kénca jeung katuhu, tur ngalatih rasa barudak. Kitu deui kakawihan-kakawihan nu ilahar dina kaulinan. Mun dititénan ngan¬dung harti nu jero. Cara pacici-cici putri, paciwit-ciwit lutung, pérépét jéngkol, jrrd.
Tepi ka kiwari, komunitas Hong anggotana 30 urang, ti mimiti budak kelas 1 SD tepi ka rumaja. Minangka ka¬giatanana, remen paméran boh di Bandung boh Jakarta. Saban paméran, Zaini minangka nu ngasuhna, ngerid anggotana nu 30-an téa. Kitu deui sarupaning kaulinan boh bahanna atawa nu geus jadi, diringkid ka tempat paméran.
Rupaning kaulinan téh dipamér¬keun. Aya deuih workshop cara-cara nyieun kaulinan, jeung ngajual produk kaulinan.
Industri Kaulinan Rayat
Keur anggota Komunitas Hong, ku remen paméran téh réa hikmahna. Lian ti nambahan luang jeung pang¬alaman, éta kagiatan téh bisa nga¬datangkeun panghasilan deuih. Cék Tatang Hérmanto (18), salah saurang anggota komunitas Hong, saban paméran, réa nu datang nu resepeun kana cocooan nu dipamérkeun.
“Nu mésérna rupi-rupi, aya urang Sunda, Cina, kalebet turis deungeun,” cék Tatang nu aktip di komunitas Hong ti keur kelas 6 SD kénéh.
Hiji kaulinan pangajina Rp 15.000-25.000. Dina waktu sapoé paméran, 20 nepi ka 25 kaulinan mah kajual. Malah kungsi tepi ka ambrin, ari paméran aya sawatara poé deui. Ha¬silna disetorkeun ka Zaini, tuluy dibagikeun deui ka barudak.
Sanggeus nalungtik rupaning kaulinan barudak Sunda tur nga¬wangun komunitas, Zaini boga ren¬cana hayang nyieun museum kaulinan budak. Nu geus mimiti dipigawéna nyaéta ngayakeun road show ka mall atawa sakola. Nu teu kurang pen¬tingna mikiran ka mana ngamalir¬keun éta kaulinan. Naha rék diasupkeun ka TK-TK upamana.
Patali jeung ngembangkeun usaha, kiwari Zaini keur ngarintis pola in¬dus¬tri kaulinan rayat di Subang. Kon¬sépna basajan. Barudak ulin, geus kitu cocooanana ditampung ku Zaini, di¬ropéa deui tuluy dijual. Duitna dibi¬keun ka maranéhna, rék keur nerus¬keun sakola atawa ngabantu kolot. Produksina dijieun di imah séwang-séwangan.
“Kanggo pasarna mun teu di mall, dijual sorangan ku barudak,” cék Zaini nu kiwari keur naratas kampung ko¬lécér di lemburna, Subang.
Puguh baé keur ngahontal éta cita-cita butuh pangrojong, utamana waragad. Aya cenah gegedén nu rék ngamodalan. Ngan wallohu’alam enya henteuna mah. Tapi Zaini ngarasa yakin, hiji mangsa mah cita-citana ngembangkeun kaulinan barudak téh bakal tinekanan.
“Kantun ngantosan waktos,” pokna.
(Ibnu Hijar Apandi)

Komentar