Reungit Sok Di sada Kana Ceuli


Jaman baheula aya hiji nagara reungit, anu diratuan ku reungit awéwé. Éta nagara pohara beungharna. Tentarana garagah, patihna satia.
Sang Ratu kacida gindingna, pakéanana hurung hérang, maké geulang jeung suweng emas.

Dina hiji peuting, keur jemplang-jempling, aya jelema asup ka karaton Ratu reungit téa. Kabeneran tentara anu jaraga sararé mani talibra, atuh éta jalma teh jongjon asup ka kamar Ratu. Kabeneran Ratu ogé keur tibra deuih.

Karayap éta jalma téh ngadeukeutan Sang Ratu reungit, tuluy suweng nu dipaké ku Sang Ratu dilaan. Tapi kakara dilaan sabeulah, kaburu Sang Ratu hudang mantén, tuluy gogorowokan, ”Bangsaaaat! Bangsaaat! Bangsaaat”
Éta jelema kaluar, terus kabur bari mawa suweng sabeulah. Tentara nu jaraga téa, tuluy ngarudag, tapi éta jalma teu kasusul.

Isukna Sang Ratu, maréntah ka tentara jeung rahayatna, pokna: ”Sakabéh bangsa reungit kudu naréangan suweng anu dipaling téa, tempoan dina unggal ceuli jelema!”
Ti harita sakabéh reungit naréangan éta suweng. Nepi ka kiwari reungit-reungit téh masih kénéh naréangan éta suweng nempoan kana ceuli jelema-jelema, bari disada, ”Suengng....” 
- Taufik ampera

Komentar