Cingcangkeling


Cingcangkeling nya éta kawih paranti milang saméméh barudak ulin ucing-ucingan. Ieu kawih kaulinan barudak cingcangkeling téh dilakukeunna bari ngariung henteu papisah saurang-saurang tapi babarengan jeung biasana sok ditunjuk ku juru ngawihna nu salah saurang budak éta, budak nu kabilang ditunjuk nurutkeun wirahma kawihna, tuluy kudu ngudak budak séjén nu teu katunjuk.Carana budak nu kabilang, kudu nyabak budak nu teu kabilang, tuluy lalumpatan ngajauhan budak anu geus kabilang tadi, satuluyna kitu terus nepi ka kabéh budak beunang kacabak, aturannana teu meunang aya budak anu jauh-jauh teuing lumpatna, kudu sakurilingeun lapang atawa buruan imah tempat maranéhna ulin, teu kaci lamun aya nu jauh berarti budak éta kaluar maénna atawa gugur teu bisa ngiluan maén deui nurutkeun kasapukan kabéh budak nu milu ulin dina éta kaulinan, biasana barudak nu ulin bari ngawihkeun ieu kawih cingcangkeling téh sok bari heureuy silisurungkeun atawa bari luluncatan teu puguh embung cicing kumaha wé budak leutik nu keur meujeuhna resep ulin.Saméméh prung sok dikawihkeun heula ku saurang, nu sèjènna nuturkeun ngawih bari nyurakan nu kabilang.Rakitanana kieu :
Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng.

Sumber : Wikipedia

Komentar