Dongeng " Budak Pahatu"

Jaman baheula aya dua budak pahatu, lanceukna lalaki, ari adina awéwé. Ari imahna deukeut hiji leuweung nu loba tangkal bubuahan anu ngareunah, kayaning pari, kupa, huni, pining, jeung salianna.
Dina hiji mangsa, barudak téh rék ngala buah kupa ka leuweung. Barang datang ka leuweung ceuk lanceukna, ”Nyai, Akang rék ngala bubuahan, ku Nyai pulungan”.
”Heug Akang”, ceuk adina.
Terékél budak téh naék. Barang keur jongjon ngala kupa, léor aya oray sanca, nyampeurkeun adina anu keur diuk nyanghunjar lambar, nyarandé kana catang.
Gep ngégél oray téh kana sukuna. Budak téh ngahariring ngawih.

”Kang tulungan,
kang tulungan!
aya nu gagaranyaman
kana bitis jeung ngégélan
cing geuwat kuring tulungan”.

”Usap baé, Nyai meureun sireum” , ceuk lanceukna.
Budak awéwé téh, sapanjang bisa kénéh ngomong mah, teu eureun-eureun ngawih ménta tulung.
Tapi ku lanceukna teu ditolih, marukanana sireum baé.
Tungtuna leg baé budak téh diteureuy buleud, sarta orayna tuluy asup ka jero leuwi.
Lanceukna reuwaseun naker sabab adina répéh baé teu kecét-kecét. Tuluy turun. Barang datang ka handap, manéhna kagéteun pisan sarta ngira yén adina dihakan oray. Tuluy disusul tapak oray téh. Kabeneran barang datang ka hiji tempat, orayna kapanggih keur gulang-guling baé, teu bisaeun indit. Budak lalaki ngadéngé manuk haur disada, pokna: ”Cukrik,cukrik turih ku pucuk eurih”.
Budak lalaki teh gancang ngala pucuk eurih sarta beuteung oray téh diturih.
Goréhél adina kapanggih di jero beuteung oray, tuluy dibawa balik. Barang datang sok digolérkeun di tengah imah sarta tuluy digeberan ku manehna bari ngawih.

”Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan
titinggal nini awaking”.

Kerenyed suku budak téh usik. Pok deui lanceukna ngawih.
Kerenyed deui awakna usik; kitu baé satuluyna, nepi ka hirupna deui budak awéwé téh.
Gabrug dirontok ku lanceukna bari diciuman, tina sukana.

(Dicutat tina karangan A.C. Deenik jeung Rd. Jayadireja, Rusdi jeung Misnem, Jilid ka tilu, kaca 34 – 36). taufik ampera


Komentar