Pakuan Pajajaran


Pakuan Pajajaran (atawa Pakuan/Pakwan atawa Pajajaran) nujul ka puseur dayeuh pamaréntahan
Karajaan Sunda, hiji karajaan nu kungsi aya di Tatar Sunda, wewengkon kulon pulo Jawa. Di puseur ieu karajaan, Prabu Susuktunggal (ngawasa 1382-1482) ngadegkeun karaton/kadaton karajaan nu katelah "Sri Bimapunta Narayana Madura Suradipati".
Pakuan Pajajaran munggaran diadegkeun ku Tarusbawa taun 669 M, nu asalna mangrupakeun wewengkon Sunda Sambawa, rajamandala (raja bawahan, vassal) handapeun kakawasaan Tarumanagara. Nalika taun 669 raja Taruma (Linggawarman) pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna (sabab teu boga anak lalaki) ti Sunda, nyaéta Tarusbawa. Ragragna kakawasaan ka Tarusbawa ieu ngabalukarkeun Galuhmisahkeun manéh, sedengkeun Tarusbawa ogé horéng leuwih milih mingpin sésa kakawasaan Tarumanagara ieu ti Sunda (sahingga salajengna ngadeg karajaan Sunda). Kusabab Galuh misahkeun manéh, wilayah Tarumanagara ieu kabagi dua nu watesnawalungan Citarum: béh kulon ku Sunda, béh wétan ku Galuh.Ngaran/sebutan Pakuan Pajajaran kapanggih dina sababaraha titinggal arkéologismangrupa prasasti jeung sababaraha naskah Sunda kuna, di antara prasasti Batutulis (abad ka-14), prasasti Kabantenan, naskah Carita Parahyangan (1580) jeung Fragmén Carita ParahyanganCarita Waruga Guru (abad ka-18), jeung naskah MSA.
Dina catetan sajarah nu geus kagali, nu ngabaru/mindahkeun (deui) puseur karajaan ka Pakuan téh nyaéta Rahyang Banga (ti Galuh, 759), Darmasiksa (ti Saunggalah), jeung Jayadéwata (ti Kawali1487).
Pakuan Pajajaran katut karajaan Sundana diruntuhkeun ku Kasultanan Banten dina taun 1579.
Dina bukuna, Mencari Gerbang Pakuan, suwargina bapa Saleh Danasasmita, nyaritakeun yen urang Walanda anu ngaranna Abraham van Riebeeck kungsi nyukcruk galur mapay laratan eta dayeuh tepi ka dua kali nyaeta taun 1703 jeun taun 1704.
Ngarujuk kana buku Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran Jilid 2, karya suwargina bapa Edi S. Ekajati, Dr. F. De Haan ngagambarkeun perenahna Pakuan Pajajaran dina bukuna "Priangan", taun 1912.

Komentar