Sasakala Situ Bagendit

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawéntar ka mana-mana, nya éta Situ Bagendit. Ceuk sasakala mah, éta Situ Bagendit teh asal-muasalna kieu:

Baheula, aya hiji randa beunghar ketelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaran sajatina mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan nu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung pacampur jeung batur, da sieun kasoro téa.


Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Éta anu gacong. Ka sawah Nyi Endit ogé réa anu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya anu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka ratusan. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi kan sakotéap gé geus berés, bari tingkarétap kénéh.


Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi diantep teu dibagéakeun. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun waé.
Aki-aki indit bari jumarijeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, ”Sagala oge boh ka nu hadé boh ka nu goréng moal taya wawalesna.”
Ngomong kituna téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya.
Saréngséna nu dalahar tuluy amitan rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rugreg ngararandeg, sabab aya nu tinggarero, ”Caah! Caah!” ceunah.


Henteu kanyahoan deui datangna ti mana cai, ngan leb baé ka pakarangan imah Nyi Endit. Teu lila pakarangan imah Nyi Endit kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai teh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh sasambat ménta tulung. Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Endit.

(Dicutat tina Dongeng Sasakala Jilid 3). taufik ampera


Komentar