Kampung Pulo


Kampung Pulo ngarupakeun ngaran hiji kampung adat leutik di wewengkon Désa CangkuangKacamatan LélésGarut.
Kampung Pulo, numutkeun kapercayaan masarakatna, dimimitian ku hiji tokoh nu disebut Arif Muhammad (kuburanana aya gigireunCandi Cangkuang), nu nyebarkeun agama Islam di wewengkon éta. Arif Muhammad, minantu Sultan Sumenep, Madura, téh tadina anggota perjurit Mataram jaman Sultan Agung nu milu ngarurug Batavia abad ka-17. Alatan seranganana gagal, perjurit Mataram téh kalabur ka mana baé, Nya kitu ogé Arif Muhammad, nu lajeng bubuara sarta ngajarkeun Islam di wewengkon Cangkuang.

Pamali


Aya lima pamali nu diterapkeun di masarakat Kampung Pulo:
  • teu meunang miara sato ingon nu sukuna opat; Arif Muhammad teu resep kana sato ingon nu beuki dangdaunan
  • teu meunang digawé dina poé rebo; poé ieu téh hususon Arif Muhammad ngajarkeun Islam, sahingga masarakat teu digarawé
  • teu meunang nabeuh goong atawa gamelan; putrana anu pameget pupus dina kariaan sunatan anu nabeuh gamelan
  • imah kudu maké hateup injuk sarta bentukna prisma
  • teu meunang aya leuwih ti genep kulawarga (genep suhunan imah jeung hiji masjid); baheula Arif Muhammad gaduh putra istri genep, putra pamegetna pupus nalika anom kénéh.

Komentar

  1. Borgata Hotel Casino & Spa Launches Mobile Casino - JTM Hub
    Borgata Hotel Casino 용인 출장마사지 & Spa has released 평택 출장안마 its 포항 출장샵 newest mobile app 동두천 출장안마 for mobile users this week. The app 김제 출장안마 allows you to take part in

    BalasHapus

Posting Komentar