Perang Bubat

Perang Bubat dimaksudkeun ka hiji kajadian perang antara rombongan karajaan Sunda ngalawan karajaan Majapahit nu lumangsung di Bubat, wewengkon kalér Majapahit, taun 1357 M. Dina Pararaton kajadian perang ieu disebut Pabubat atawa Pasundabubat.


Jujutan

Rombongan ti Karajaan Sunda harita ngarupakeun aleutan Raja Sunda jeung pangagung karajaan, kaasup calon prameswari, nyaéta Dyah Pitaloka atawa Citraresmi, putri Raja Sunda nu dilamar pikeun nyanding jeung Hayam Wuruk, Raja Majapahit. Nalika nepi ka wewengkon Bubat, aleutan calon pangantén dipegat ku utusan Patih Gajah Mada nu ménta sangkan Diah Pitaloka dipasrahkeun ka Hayam Wuruk salaku séba taluk Karajaan Sunda ka Karajaan Majapait. Ngarasa dihina jeung dihianat ku ieu paménta, Raja Sunda teu sadia masrahkeun putrina ka Majapahit. Dina pamustunganana, sakabéh rombongan karajaan Sunda perang campuh bégalan pati ngalawan pasukan Majapait nu jauh leuwih loba. Dina ieu kajadian, ampir sakabéh rombongan Karajaan Sunda gugur, kaasup Dyah Pitaloka nu labuh tumangan maéhan manéh.
Numutkeun Carita Parahyangan, Raja Sunda nu ngalaman ieu kajadian (disebutna 'keuna ku kalawisaya') téh nyaéta Prabu Maharaja nu mingpin Karajaan Sunda salila 7 taun (1350-1357), sedeng nurutkeun Pustaka Pararatwan i Bhumi Jawadwipa (bagian tina naskah Wangsakerta nu disusun ku Pangéran Wangsakerta saparakanca (1677-1698), ngaran ieu raja téh Linggabuana. Kajadian ieu kaunggel ogé dina Kidung Sunda.


Komentar