Tinju Yunani Kuna asalna ti abad ka-8 SM (Iliad Homer
), dipraktékkeun dina rupa-rupa acara masarakat di puseur-puseur dayeuh
Yunani. Kusabab lolobana mah sumber rujukanana ukur carita, tinju
Yunani Kuna hésé dilacak kumaha prak-prakan aturanana. Nu pasti, tinju
nu maké sarung leungeun (atawa cukup dibulen) téh écés ayana dina awal
mangsa klasik.
Asal-usul
Aya bukti arkéologis jeung seni ngeunaan tinju Yunani Kuna (katelahna pyx atawa pygme dina basa Yunani Kuna) ti mangsa Minoan jeung Mycenaean. Carita ngeunaan ieu tinju dimimitian ti Theseus, pupuhu nagara nu ngaduhareupkeun dua patinju disina silih tonjok nepi ka palastrana. Patinjuna maké sarung peureup anu dicucukan, leungeunna deukeut pigeulang dibulen, awakna buligir.

Komentar
Posting Komentar