Asteroid

Asteroid, planét leutik, jeung planétoid mangrupakeun sinonim, sarta digunakeun keur nandaan golongan sagala rupa banda angkasa leutik nu kumalayang dina sistim tatasurya sarta ngorbit ka panonpoé. Astéroid (basa Yunani keur "siga-béntang") mangrupakeun kecap nu sering dipaké dina literatur basa Inggris keur planét leutik, mangrupakeun istilah nu dipilih ku International Astronomical Union; nu séjénna leuwih milih planétoid (basa Yunani: "siga-planét"). Dina Agustus 2006 ahir, IAU ngawanohkeun istilah banda-banda leutik dina sistim tatasurya ("small solar system bodies", SSSBs), nu ngawengku kalolobaan objék nu satuluyna diklasifikasikeun minangka planét leutik, saperti komét; aranjeunna ogé ngawanohkeun "planet katé" ("dwarf planet") keur planét leutik panggedéna. Artikel Wikipedia ieu tetep nyebut planét leutik nu ngorbit dina sistim tatasurya beulah jero (kasarannana nepi ka orbit Yupiter). Keur tipe objék séjén, saperti komét, objék Trans-Neptunian, jeung Centaur, tempo Small solar system body.

Astéroid nu munggaran kanyahoan, Ceres mangrupakeun asteroid panggedena nu kiwari diklasifikasikeun minangka planét dwarf, sedengkeun kabéh sésana kiwari diklasifikasikeun minangka SSSBs. Kalolobaan astéroid kaasup kana beubeur astéroid utama, kalayan orbit éliptisna aya di antara Mars jeung Jupiter. Astéroid dianggap minangka sésa protoplanetary disc, sarta dina wewengkon ieu kumpulan sésa protoplanetary nu jadi planét dilingkung ku kacona gravitasi nu gedé alatan pangaruh Jupiter salila période diwangunna sistim tatasurya. Sababaraha astéroid miboga bulan atawa kapanggih minangka pasangan nu disebut sistim binér.

 Asteroid dina sistim tatasurya

Ratusan tina rébuan astéroid geus katimu dina sajeroeun sistim tatasurya sarta rata-rata panimuan kiwari nyaéta 5000 per bulan. Dina 27 Agustus, 2006, tina total 339.376 planét leutik nu kadaptar, 136.563 di antarana miboga orbit nu cukup dipikawanoh sahingga bisa dibéré nomer resmi nu permanén. Ti antara éta, 13.350 miboga ngaran resmi (trivia: kira-kira 650 di antara ngaran ieu merlukeun tanda pangwanoh). Nomer nu panghandapna tapi mangrupa planét leutik nu teu dingaranan nyaéta (3360) 1981 VA; planét leutik nu dingaranan kalayan nomer pangluhurna (salian ti planét dwarf 136199 Eris jeung 134340 Pluto) nyaéta 129342 Ependes.

Kiwari diperkirakeun yén astéroid nu diaméterna leuwih ti 1 km dina sistim tatasurya jumlah totalna aya antara 1.1 nepi ka 1.9 yuta. Astéroid panggedena dina sistim tatasurya beulah jero nyaéta 1 Ceres, kalayan diaméter 900-1000 km. Dua astéroid beubeur sistim tatasurya beulah jero nyaéta 2 Pallas jeung 4 Vesta; duanana miboga diaméter ~500 km. Vesta mangrupakeun astéroid beubeur pangutamana nu kadang-kadnag katempo ku mata taranjang (dina sababaraha kajadian nu kacida jarangna, astéroid nu deukeuteun bumi bisa katempo tanpa bantuan téhnis; tempo 99942 Apophis).
Massa sakabéh astéroid Beubeur Utama diperkirakeun kurang leuwih 3.0-3.6×1021 kg, atawa kurang leuwih 4% tina massa bulan. Tina ieu, 1 Ceres ngawengku 0.95×1021 kg, 32% tina totalna. Satuluyna nyaéta astéroid pangpadetna, 4 Vesta (9%), 2 Pallas (7%), jeung 10 Hygiea (3%), mawa gambaran ieu jadi 51%; tilu deui sanggeusna éta, 511 Davida (1.2%), 704 Interamnia (1.0%), jeung 3 Juno (0.9%), ukur nambah 3% kana massa totalna. Jumlah astéroid satuluyna nambah sacara éksponénsial sanajan massa masing-masingna turun ogé.

Komentar