Sisingaan mangrupa atraksi kasenian
tradisional
urang sunda anu pidanganganana ku cara merenahkeun budak sapasang
luhureun sisingaan (singa jijieunan) anu dibarengan ku opat penari,maké
iringan
tarompét jeung
kendang.Sisingaan mangrupa pintonan anu atraktif jeung ngahibur panongtonna . Seni has budaya Sunda ieu ayana di
Kabupaten Subang provinsi
Jawa Barat. Sisingaan mangrupa seni pintonan rakyat Subang anu masih aya nepi ka kiwari.
Sisingaan biasana ditanggap dina acara husus, kayaning penyambutan tamu
agung, dina raraga poé kamerdikaan, acara syukuran jeung hajatan warga,
jeung dina acara nyunatan. Dina atraksi sisingaan abrug atawa singa buhun, hiasan
singa dijieun tina rangkéyan daun
pinus anu ditambahan keretas, motifna
payung jeung hiasan, tapi dina sisingaan modéren atawa pergosi maké bonéka singa anu nyeplés jeung aslina. Nalika tampil euweuh bébédaan anu atra antara sisingaan modern jeung sisingaan tradisional. Gerakan jeung atraksi nu ngangkat singa, mintonkeun gerakan anu méh sarua.Pintonan sisingaan dibarengan ku sora
tarompét jeung
kendang jiga musik pencak silat. Sapasang budak leutik anu maké baju adat
sunda ditaékkeun kana sapasang sisingaan anu diangkat ku opat penari (hiji singa digotong ku opatan)
.Gerakan-gerakan jiga jurus silat dipintonkeun bari diseselan ku
jaipongan, tarian has Jawa Barat.
Baheula pamaén sisingaan téh dalapan urang lalaki anu ngagotong bonéka
singa dibarengan ku saurang pamingpin kelompok, sababaraha urang pamaén
waditra jeung dua urang nu maénkeun jajangkungan. Atraksi sisingaan ngahijikeun tilu unsur seni anu utama nyaéta gerak
tari atawa
pencak silat jeung jaipongan, seni sora gamelan kendang jeung gong, sarta seni busana anu dipaké ku para pamaénna. Para pamaén sisingaan mintonkeun
akrobat jeung tarian anu
atraktif, rupa-rupa gerakan ieu nyieun warga anu ningali pintonan ngarsa kahibur. Di tengah zaman
modérnisasi jeung ayana budaya asing anu asup, sisingaan angger bisa lumaku nepi ka kiwari minangka pintonan rakyat di daérah
Subang,
Jawa Barat.
Simbolisasi budak anu diuk luhureun singa salaku réfléksi perjoangan
pembebasan Nasional pikeun ngéléhkeun kakuatan impérialis sarta
kompradorna di jero nagri.