Mangsa pergantian usum halodo ka usum hujan biasana
salahsahiji panyakit nu nyebar di masyarakat nyaeta demam berdarah. Panyakit
iyeu nyebar ngaliwatan reungit aedes aegypti. Kabersihan lingkungan perlu pisan
di jaga ku sakumna warga masyarakat supaya bisa kahindar ti demam berdarah,
diantarana rajin ngabersihan bak mandi minimalna 3 poe sakali, supaya bersih ti
jentik reungit. Ngajaga tempat-tempat nguyumbang na cai saperti saluran cai,
dispenser, gentong jeung sajabana.
Keur ngabuktikeun sumbangsih na oge kepedulian keur
pemberantasan reungit, radio ADS 96,9 FM Cikampek Karawang, didukung ku produk losion
Anti nyamuk Lavenda, ngayakeun sidak ka kurang leuwih 700 Kepala keluarga di
Perumahan Griya Permai , desa Pucung, Kecamatan Kota Baru, Karawang, ti tanggal
8 September dugi ka tangal 20 September 2014.Sidak di laksanakaeun sajaba ti
team Radio Ads, di sarengan ku ibu jumantik ti lingkungan setempat. Sekretaris
Rw 04 Perumahan Griya Permai, Bp. Nur ngungkapkeun yen iyeu kagiatan sae pisan
mangfaatna keur warga. Sababna sajaba ti Sidak Jumantik, oge team radio sareng
Lavenda bagi-bagi hadiah keur warga nu imana bebas ti jentik sareng ngabogaan
prpduk Lavenda. Sajaba ti eta Bp Nur nu aktif oge di Bamusdes Desa pucung
nambahkeun yen kagiatan sarupa kieu di harepkeun bisa dilaksanakaeun secara
kontinyu di lingkungan masyarakat, supaya masyarakat bisa nambah sumanget dina
ngajaga lingkungan imahna sewang-sewangan.
Samentara eta pihak penyelenggara iyeu acara Bp. Anton ( Ti
Lavenda )di sela-sela mantau sidak, anjeuna ngungkapkeun, yen dlaksanakeun na
iyeu program sajaba ti ngagugah kasadran masarakat keur ngajaga kabersihan
lingkungan oge tiasa ningkatkeun brand image oge ngenalkeun prodk anyar
Lavenda, ka warga permahan. Di waktu anu beda, Operasional Manager PT Radio
Suara Adyasamudra ( Radio Ads FM ) Bp Sarip Abdussakur nganuhunkeun pisan
kasadaya pihak terutama sponsor anu parantos mercayakeun iyeu program ka Radio
Ads minangka EO ( Event Organizer ). Ka Warga Perum Griya Permai anu paranos
antusias nyambut iyeu acara, pengurus RW 04 Griya Permai, pihak kepolisian
Sektor Kota baru, staff desa pucung, oge sadaya pihak anu tos ngabantu
kalancaran iyeu program.
Puncak acara di laksanakeun poe Minggu, 21 September 2014,
ngahadirkaeun Acara Semarak Minggu Pagi, dihibur ku organ tunggal, pengundian
Hadiah Dor Prize, Kerja Bakti, Senam Pagi, Periksa kesehatan Gratis, sareng
rupa-rupa Game anu marebutkun hadiah utama Televisi 42 Inch.
Report by : ( Anang
Bagas Pramudia Aradhea – Ads Radio 96,9 FM )
Komentar
Posting Komentar